1) Panata acara sok disebut ogé ... a) protokol b) pangjejer c) narasumber d) panumbu catur 2) Pancén panata acara téh di antarana... a) méré pangbagéa kana lumangsungna acara b) muka jeung nutup acara c) nangtukeun nu ngeusi acara d) ngawakilan panata calagara 3) Anu pangheulana diucapkeun ku panata acara nya éta... a) ngucapkeun panuhun ka panata calagara b) ngucapkeun pangwilujeng ka nu haladir c) ngucapkeun salam bubuka d) ngucapkeun salam panutup 4) Dina bubukana panata acara biasana sok ngucapkeun sukur ka... a) panata calagara b) Alloh SWT. c) anu haladir d) parapamingpin di dinya 5) Anu ditataan ku panata acara dina bubukana nya éta... a) anu ngahadiran kana éta acara b) réngréngan panata calagara c) runtuyan kagiatan panata calagara d) runtuyan acara ti mimiti nepi ka lekasan 6) Upama aya acara hiburan, biasana sok dijejeran... a) panata acara nu sarua b) pangeusi acara kasenian c) panata acara anu béda d) panata calagara 7) Runtuyan acara ditutup ku ... a) pintonan kasenian b) balakécrakan c) do'a d) sasalaman 8) Anu nutup sagemblengna acara, ngurung acara hiburan nya éta ... a) anu muka acara b) anu ngajejeran hiburan c) anu ngado'a d) pupuhu panata calagara 9) Acara TV "Dahsyat" mangrupakeun acara musik anu sipatna ... a) formal b) semi formal c) non formal d) semi non formal 10) Langkung ti payun sumangga urang nyanggakeun puji sinareng sukur ka Alloh Swt., réhna dina danget ieu urang sadayana tiasa ngempel ngariung di ieu patempatan. Solawat sinareng salam mugia didugikeun ka jungjunan urang sadayana, Kangjeng Nabi Muhammad Saw., ka kulawargina, ka para sohabatna, sareng ka jalmi-jalmi anu tumut ka mantenna. a) bubuka b) bagian inti c) bagian salam d) panutup 11) Mangga ayeuna urang nindak kana acara salajengna nya éta biantara- biantara. Biantara anu munggaran badé didugikeun ku Sadérék Zaki Salami Nurinsi, minangka wawakil siswa kelas tujuh sareng kelas dalapan, anu badé dikantunkeun ku raka-rakana. Ka Sadérék Zaki, sumangga dihaturanan! a) bubuka b) bagian inti c) bagian salam d) panutup 12) anu munggaran badé didugikeun ku Sadérék Zaki, minangka wawakil siswa kelas tujuh sareng kelas dalapan, anu badé dikantunkeun ku raka-rakana. Ka Sadérék Zaki, sumangga dihaturanan! a) bubuka b) bagian inti c) bagian salam d) panutup 13) Parawargi sadayana, alhamdulillah, sadayana runtuyan acara parantos kahaturkeun kalawan lulus banglus. Upami téa mah seueur kakiranganana sareng kirang nyugemakeun dina prak-prakanana, atas nami panata calagara sim kuring neda sih a) bubuka b) bagian inti c) bagian salam d) panutup 14) Kagiatan dina bubuka biasana ... a) ngadadarkeun pasualan anu rék dirapatkeun b) salam panutup c) tanya jawab d) salam bubuka sarta maca basmalah sasarengan 15) Naha nalika jadi panata acara, sora urang kudu bedas jeung béntés? a) Sangkan sora urang kadangu tur jelas kekecapanna  b) Sangkan hadirin teu tunduh c) Sangkan percaya diri d) sangkan ramé 16) Upacara bendéra mah mangrupakeun acara anu sipatna.. a) non formal b) semi formal c) formal d) hiburan 17) MC téh singgetan tina .. a) Microphone contest b) Master of Company c) Master of Content d) Master of ceremony 18) anu disebut host nya éta .... a) MC anu maneuh dina salasahiji acara, boh talkshow boh acara hiburan b) pamingpin upacara bendera c) Mc hajatan d) MC dina acara sunatan

Leaderboard

Visual style

Options

Switch template

Continue editing: ?